Menu

Mode Gelap

GONews · 21 Feb 2023 21:24 WIB ·

SOLIHIN MUKA KEGIATAN “Mieling Poe Basa Indung” NU lumangsung di SMP Model Cikembar Kabupaten Sukabumi


 SOLIHIN MUKA KEGIATAN “Mieling Poe Basa Indung” NU lumangsung di SMP Model Cikembar Kabupaten Sukabumi Perbesar

gopublik.id -SUKABUMI, Dinas Pendidikan Kabupaten Sukabumi Mohammad Solihin muka kegiatan”Mieling Poe Basa Indung” NU lumangsung di SMP Model Cikembar Kabupaten Sukabumi, Salasa kaping (20/02/2023).

Acara anu diwarnaan ku Rupa-rupa  kagiatan Nyiptaken Seni Budaya teh diluuhan ku Wakil Bupati Sukabumi, H.Iyos Somantri Sareng Rengrengan Saparakanca.

Katingali Sumangetna para guru sareng Murid Anu hadir sareng para seniman sunda TI Sukabumin Nembongken Rupa-rupa seni budaya Sunda sapertos kawih indung, rampak sajak, borangan, kaulinan barudak, rampak ngadongeng Nepika pencak silat khas sunda.

Dina Biantarana sabada Muka acara, Wakil Bupati Sukabumi H.Iyos Somantri ngagunaken Basa Sunda Ngedalkeun Rasa sukur Kana eta Acara Jeung uleman Babarengan Piken Ngalestariken basa Sunda.

“Pikeun ngalestarikeun kabudayaan Sunda hususna basa, sastra jeung budaya sunda téh tanggung jawab urang sadaya. Kukituna butuh dirojong di deudeul ku para wargi sadaya. Basa Sunda kudu terus dijaga, ulah nika luntur komo deui leungit. Sabab, lamun lain ku papada urang hususna urang sunda rék kusaha deui.

Ku acara ieu simkuring ngarasa, bagja sareng reueus. Kusabab ningali masih seueur jalma anu ngagunakeun jeung ngamumule basa Sunda. Kagiatan éta dilaksanakeun minangka upaya pikeun ngalestarikeun basa daérah sadunya. sakumaha ditangtukeun sinareng di bewarakeun ku UNESCO,” ucap Wabup Iyos.

Samentara eta, Kepala Dinas Pendidikan Kabupaten Sukabumi Nepiken Hal anu sami, Miharep ku dilaksanakeunana kagiatan ” Mieling Poe Basa Indung ” kali ieu teh Tiasa Ngadorong, Ngaronjatkeun sareng Ngalestariken basa Sunda.

“Generasi milenial Kudu Apal Kana basana Sorangan ,nyaeta basa Sunda, Jeung Kudu boga rasa Tanggung jawab Piken ngalestarikeunana Sangkan teu kagolong ku Jaman,” saur Muhamad Solihin.

KADISDIK teh Boga komitmen,di Barengan kujajaran, terus narekahan pikeun ngalestariken basa Sunda ku Rupa-rupa Program atikan Jeung Pembinaan luyu Jeung Kurikulum anu aya.

“Urang ngaharepkeun Sakumna Pihak Bakal Milu ngalestarikeun basa Sunda Salaku basa Indung Urang Sunda ka Generasi Ngora Sangkan basa Sunda Tetep Lestari,” pokna.

Artikel ini telah dibaca 13 kali

badge-check

Penulis

Baca Lainnya

Profile Calon Kades Lembursawah Ferry Sanjaya

12 July 2023 - 19:20 WIB

Dian Nudin Disebut Bakal Calon Kades Cijengkol Yang Humble dan Progresif

8 July 2023 - 18:46 WIB

Asjap Peringati HARLAH Pancasila Di Setiap Tanggal 1 Juni

1 June 2023 - 21:47 WIB

Asep Japar Ucapkan Selamat Hari Jadi Desa Girijaya Di Usia Ke 43 Tahun

27 May 2023 - 21:53 WIB

DPU Provinsi Lakukan Perbaikan Perbaikan Jalan Cibadak – Cikidang

26 May 2023 - 21:58 WIB

DPU Kab Sukabumi Monitoring Langsung Kegiatan Pemeliharaan Rutin Jalan Di Ruas Jalan Cimuncang Baros

23 May 2023 - 22:03 WIB

Trending di GONews